Sabtu, 28 Februari 2009

jengkol mania sa baros wetan

J E N G K O L

Duka aya naon dina jengkol. Nu puguh mah kuring sok hese eureun ngahuap mun aya eta kadaharan teh. Rek nu ngora, nu kolot, malah ka sepi-sepi dikaramus. Rek nu atah atawa nu asak (digoreng atawa disemur) teu halangan. Pokona sarupaning jejengkolan kuring mah hobi. Malah aya ojoyna mun dibandingkeun batur jigana: kuring mah dahar jengkol teh teu kudu make sambel bae. Ditambul jeung sangu ge jalan.

Ti leuleutik eta teh. Nepi ayeuna umur meh nincak kapala dua teu kurang-kurang. Najan ayeuna mah memang teu pati dipupujukeun. Ma’lum euweuh nu ngurusna bujangan mah. Dahar teh sasampakan di nu dagang wae. Padahal apanan jarang rumah makan atawa warteg nu nyadiakeun eta kadaharan. Peuteuy onaman, nu sarua matak bau, masih loba nu nyadiakeun. Paling-paling semurna nu sok remen kapanggih teh. Baheula mah, basa keur hirup di baros cianjur mah , sok kalan-kalan ngahaja meuli di warung si dado. Di beh rak sayuran sok aya dibungkusan paketan. Tangtuna ge rada leuwih mahal batan di pasar. Ngan, kangaranan lalaki jiga kuring, tibatan kukurusukan ka pasar induk cianjur mah puguh we mending meuli di dinya. Praktis. Kungsi eta ge aya nu rada moyok. Basa antri rek mayar hiji ibu-ibu, jigana teu sadar, ngagorowok kaget . “Ih jengki,” cenah. Kuring cuek bae.

Tangtuna ge teu kabeh jiga kuring. Najan teu kurang-kurang nu jengkol mania oge tapi jigana leuwih loba alergi kana eta lalab teh. Khususna awewe. , Sanajan enya ngeunah jeung matak ponyo tapi jengkol boga epek khas anu matak teu nyaman: bauna. Saha nu teu apal atuh kana bau jengkol nu matak nyengak kana irung. Salian ti kaambeu langsung tina napas oge epekna teh kana bubuangan, utamana cikiih. Aromana sok napel mangpoe-poe di WC teh “

Ari ku resep mah, masing bau-bau ge dihantem bae. Eta ge loba palakiah supaya ngurangan bauna. Anu biasa ngaroko mah sok langsung bae melenyun. Leungit memang bau jengkolna, katutup ku bau bako. Mun aya mah ku bonteng oge lumayan nulung, sanajan sok masih keneh kaambeu. Aya nu nyebutkeun ngaramus beas sajumput. Cenah mah ku ieu mah bubuangan na ge teu pati bau. Kuring mah, kusabab ngaroko, cukup ku sabatang dji sam su bae. Sanajan teu jarang sok kapohoan. Sadar-sadar mun geus nempo batur babalieuran mun keur ngobrol.

Untungna kuring mah can ngasaan jengkoleun. Enya panyakit disababkeun ku ngahadar jengkol. Ulah kahayang mah. Bejana kasiksa pisan kusabab teu bisa kiih. Bisa ge nyeri. Biasana eta teh ngalanggar pantangan. Cenah mah mun ngadahar jengkol teu meunang bareng jeung peuteuy. Atawa mun geus ngadahar nu atah tong ngadahar nu asakna. Bener henteuna duka tah. Nu jelas mah babaturan kungsi keuna ku jengkoleun kusabab ngadahar jengkolna ...sakeresek.

Geus ampir dua bulan ieu, kuring teu mirasa bae dahar. Ngarumas meureun. Pedah jauh ti lembur bari hirup nyorangan, sanajan deukeut jeung wa onay nu mangmasakkeun mun kuring pareng ulin ka depok. Karuhan atuh awak ge rada ngorotan. Mangkukna basa papanggih jeung babaturan ge heraneun. “Na karek tilu bulan gawe di jakarta geus ngabegangan kieu?” cenah.

Nu matak, kamari mah pesen ka si bahro mun pareng balik ka baros pang mawakeun goreng jengkol:. Balik-balik mawa sepi sakeresek.sakitu hela jang ah salam baktos ka jengkol mania



wasalam

kangen ke kampung halaman


Duduk Istirahat sebentar sambil membayangkan indahnya besuk mingguan di kampung halaman.. Cianjurku sayang.. oh cianjur.. Kangen ma kawan-kawan, dan jenuh dengan pekerjaan sehari-hari berurusan sapu dan kain pel

Seanak-enaknya di kampung orang lebih enak di kampung

sendiri.. cianjur oh cianjur..